Wednesday 27 May 2015

Asal Usul Rengganis Si Cantik Nan Legendaris bagian 1

Dari sekian cerita yang pernah saya baca, kisah yang berulang-ulang di baca adalah Wawacan Rengganis. ada beberapa buku yang selalu dibaca berulang-ulang seperti Mushasi, Monte Carlo karya Alexander Dumas dan seribu satu malam, tapi kisah Rengganis ini yang paling sering saya baca, sangat menarik, hehe.. waktu kecil dulu kisah rengganis ini pernah di dongengkan sama Wa Kepoh di sebuah stasiun radio. jadi pas dapat bukunya seperti sebuah nostalgia masa anak anak :D. karena ada beberapa halaaman yang tak tercetak (kosong) terpaksa bagian itu dilewat. maklum buku tua. :D

Bicara tentang Rengganis, kisah ini memiliki banyak versi, di blog ini saya saya haturkan karangan R.H. Abdussalam. dalam bait terakhirnya beliau sampaikan dengan Pupuh Dangdanggula

Anu ngarang pituin pribadi,
bibit buit aslining sumedang
nu mangke bakal katembong
tandana anu saestu
nu dipambrih sangkan di ahir
sakabeh anak anak
teu hamham lumaku
kana bubuatan bapa, 
nu tetela pencaran ti Bojongjati
nya Haji Abdussalam

dikeureuyeuh ieu geus disalin
tina hurup arab ku walanda
sarta ku seuweuna tulen
nu matuh di Balubur
nya Limbangan nelah kiwari
distrik tilas nagara
kabupaten Garut
tawis nu rumaos nulad, 
disarengan ngahaturkeun salam ta dim,
wasta pun Candra Praja


mangga ka sadayana hususna di palataran Sunda prung ah...

WAWACAN RENGGANIS
Oleh : R.H. Abdussalam (Dep P&K)
Pupuh Asmarandana

Kacatur sahiji nagri, ngaran nagri Jamin erak, rajana tilar kadaton, anu matak luluasan, tina bawaning tresna, sungkawa manah kalangkung, ku sabab pupus garwana Jeung Kagungan putra  istri, sahiji didama dama, tegesna langung dienod, Rengganis jenenganana, kalangkung matak welas, rehing katilar ku ibu, tambah sumpeg manah rama.

Rengganis sedeng birahi, henteu acan carogean, baleg dek sengserang panon, jadi tambah tambah welas, rama ningal ka putra, ku bawaning sumpeg kalbu raja nilar kawibawan. Rupana kalangkung wingit mulus luis salirana, panceg pasipatan panon, capetang  bisa bicara, dangah wani ka tengah, imutna jadi pangirut, istri istri kaedanan jeung deui Dewi Rengganis, disebut Kusumah Rara, tegesna rara awewe reujeung  deui sok katelah, Nyaimas Argapura, sarta sakti bisa ngapung, bisa ngambah ngambah mega istri surti sarta sakti, teu memper memper manusa, Rengganis yen barang gawe, nyeples cara gagawean, Jin yen karajinan, Rengganis stu pinunjul, bangsa manusa kajinan

Nu matak Retna Rengganis, teu aya nu mapakan, geulisna sarta kasakten, tamplok kabeh ti ramana, karosan kadigjayaan, tuhu titih misah musuh, wanter jeung pinter aturan  Ngider di sakolong langit, di satangkaraking lemah, asa moal manggi bae, nu jiga Kususmah Rara, bagja nu ngabogaan, jodo ka Sang Ratna Ayu, kusumah ing Argapura

Hiji mangsa Nyi Rengganis, disauran ku ramana, di payuneun rama mando, sarta hade panatana, lajeng Raja Pandita, nyaur sarta manis mulut, "Aduh enung anak ama. Ama dek nanya ka Nayi, Nyai teh entas timana, sajero ning tilu poe, Nyai teh bet undur datang, pulang anting ka mana, ulah sok nyaba teu puguh, naha naon nu diteang. Reujeung deui eta Nyai, bet mawa kemban timana, sumarsana jeung urgelo, jeung kembang naga puspita, alus matak kabita, reujeung kembang tunjung tutur, timana Nyai nya meunang. Tapi ku ama ditaksi, eta nu kagungan kembang, moal jalma jore jore, taksiran kagungan raja, ningal rupaning kembang, sumarsana tunjung tutur, pantes kembang kalangenan. Cik gera bejakeun  Nyai, ka ama nu saterangna'"

Retna Rengganis ngawalon, "Sumuhun pariksa rama, jisim kuring teh nyaba, patamanan anu dijugjug, seja kuring ngadon siram. Caina kalangkung wening, dia jero patamanan, resep ningal sai cfur cor, caina lunyu jeung herang, ngadon mandi di dinya, sim kuring pikir kapincut, endah lir taman sawarga. Katelah Banjaran Sari, tegesna teh kebon kemban, nu kagungan eta kebon, Rahaden Iman Suwangsa, sangputra Raja Arab, tapi kuring tacan wawuh, tacan uninga rupina".

Raja pandita ngalahir, kaget sarta nepak dada, "naha enung ku nahaon, sababna maneh nu matak, wani wani ka dinya, ganggu kagungan ratu, lain sasama maneh. Ama mah inggis ku bisi Nyai teh dikaniaya, diwirang wirang kantung goreng, masih mun teu kanyahoan."

Matur Kusumah Rara ," sugan moal dumeh ratu, murba teu mariksa heula. Sareng sim kuring teu ajrih, perang tanding kadigjayaan, jeung Raden Dipati Anom, dumeh awese kuring mah, disangka moal tahan."

Cek Pandita, "Sok amberung, dengekeun omongan ama. Sarta regepkeun ku Nyai, ama arek cacarita, sanajan rea dui ge, putrana Bagenda Hamzah, anging Iman Suwangsa, digadang jumeneng ratu, sabab terusing kusumah. Ibuna perjurit sakti, Putri Kelan Kelaswara, jadi janget kina telon, ibu padmi rama raja, sarta didama dama, anu ngasuh oge ratu urang Halab Raja Maktal. Jeung deui putra kakasih, sarta enggeus beurat beunghar, geus ngadamel kadipaten, sarta jeung anyaran nikah, pangereremokeun rama, nu matak ama palaur, reuwas rempan ku manehna. Raden Dewi Sulasikin, jenengan garwa Suwangsa, anging tacan sapatemon, eta putra Jamin toran, nu matak ama melang, kuma onam putra ratu, kuma lamun kauninga. Meunggeus ulah deui deui, ngalaan kembang kagungan cua manah menak gede, meugeus bae ayeuna mah, bisi maneh dirampas, temahna tangtu kabitur, yen maneh sok ngala kembang. Nu matak ulah dek wani, ganggu ka kagungan raja, lamun nyai tacan nyaho, nu jenengan Sultan Arab terusing waliyullah, upama manahna bendu, geus tangtu matak katulah."

Imut Nyai Rengganis, ngadangu piwuruk rama, cicing bae teu ngawalon, semu resep ka piwulang, tapi dina manah mah, papahare jeung piwuruk, da resep ka kebon kembang. Rengganis sok maling, ana dek nyaba ka taman, ku rama sieun katangen, teu aya pisan baturna, taya anu maturan, sigeg heula teu kacatur, nu aya di Arga Pura.

Ganti anu dicatur deui, enya eta Raja Putra, nu di Karang Kadipaten, Rahaden Iman Suwangsa, linggihna di mandapa, parekan kumpul ngariung, kabeh sami ngadeuheusan

1 komentar:

Efesus Saputra Gaurifa said...

Semagngat Ya Kakak, Blogger nya bagus, Kapan2 ajarin saya ya:)

 

Cerita dan Legenda Rakyat Dunia © 2008. Design By: SkinCorner

Wilujeng Sumping

Selamat datang di blog saya, warnanya ceria seceria kisah yang akan disajikan :D "Dalam setiap kisah selalu terselip pelajaran hidup yang berharga"
Flag Counter