Showing posts with label Purnama Alam. Show all posts
Showing posts with label Purnama Alam. Show all posts

Thursday, 23 July 2015

Raden Purnama Alam nikah sareng Dewi Kania : Purnama Alam bag. 7

Urang bujengkeun perkawis ieu hal Pangeran Putra anu keur nandang prihatos. Entong panjang ditataan enggen enggening brangta, bilih bosen nu ngadangu. kocapkeun wae enggalna putra putri geus ngahiji, rendengan sami sukana, maklum anom pada anom. Tandingan sami geugeutna, siang wengi teu pisah runtut rukun matak lucu, wuwuh resep nu ningal. 

Kacatur geus rada lami, Sang Dewi jeung Rajaputra, kira geus sapuluh poe tina waktuna nikahna. Harita nuju lenggah di payun damel ngawuruk ka rayi Dewi Kania. Elmuning haliah lahir, aksara etang-etangan jeung sagala basa bae, sipat elmuning sakola, ku sang Raja Pinutra hanteu kaliwat kaliru, panemu saaya aya. Katurug turug Sang Dewi kacida pisan maksadna kana naros soson soson, ngalap pangartos Sang Putra. Bangsa kasasmitaan, junun sarta gampang nyurup. wantu ninggang ka nu padang. 

Saturday, 18 July 2015

Purnama Alam kabungbulengan, ngedalkeun rasa ka Dewi Kania : Purnama Alam bag 6

Asmarandana
Rajaputra hanteu lami wawarti alon tur tata, aringgis nengtog salah pok. Dumugi nyutat babasan lir pikeun ka sasama, tina hanteu rempan kalbu, engkang ngabasakeunana.
"Aeh enung Nyai Dewi, marga ku engkang diala, engkang teh arek wawartos supayana Nyai terang lalakon diri engkang sababna nu matak cunduk ka Pasantren Gurangsarak.
Karasa tilu perkawis, leuwih leuwih nandang susah,ku bodo katotoloyoh. lantaran engkang ku bongan gede teuing kadunyaan

Purnama Alam kagendam ku Dewi Kania : Wawacan Purnama Alam 5

Sang putra kawarti harita nuju Jumaah, didamel wiwitan ngaos, kana sakur-sakur kitab-kitab, pakih bajuri, sulam, tasaup jeung terus nahu, tajwid sapinah bidayah. Tara dimajlis di masjid ngaosna Sang Rajaputra hanteu ingkah ti patemon, sang Resi nu ngadongkapan saban pukul dalapan dongkap kana pukul satu, cara tata nu sakola.

Thursday, 9 July 2015

Raden Purnama Alam matuh di Pasantren Permanik : Bagian 4

Ari eta mantri teh teu lami, saenggeusna tarapti harita ti pasantren mulih bae. Kacaturkeun Sang Wiku ka garwana terus wawarti sareng ka Dewi Kania kudu urus-urus, baris nyondongkeun Sang Putra. Nyumanggakeun Dewi Kania ka Resi sarta terus popolah. Henteu susah wantu anu rajin, turug-turug di bangsa nu aya nyanga-nyanga ngueh-ngueh

Friday, 3 July 2015

Purnama Alam Masantren di Resi Muhammad Kurbah : Purnama Alam 3


Sinom
Arya Patih ngawangsulan, “Menggah abdi dalem yakti, katur sakalintang rempag, kana sadaya panglahir, amung kedah dijagi, bilih ngalolos teu puguh, ti gunung Gurangsarak”. Saur Ratu, “Bener Patih, poe isuk anterkeun ku sarerea.
Ayeuna kudu sadia, gulang gulang para mantri, nganteurkeun Purnama Alam, ka resi paguron santri, reujeung ayeuna misti nitah mantri buru buru, ka gunung Gurangsarak, mawa surat keur Resi, mere terang baris datang Ki Purnama.”

Wednesday, 1 July 2015

Purnama Alam bag.2

Harita Sri Maha Raja keur linggih di srimanganti, sarengan pramesawara di deuhuesan ku papatih, Arya Gundara Pati, teu lami ratu ngadawuh, “Eh Patih, marga kakang nyaur teh arek badami, hal perkara si ujang Purnama Alam. Estu matak jadi susah, ngarudetkeun kana ati, karasa dua perkara gumanteng di sanubari. Ari anu ngajadi kana tunggara kabingung, kahiji, nu geus nyata, Ki Purnama Alam mungkir ka Kasmati nampik teu daekeun nikah.
Jeung kadua perkarana, kakang leuwih leuwih risi, ku watek Purnama Alam, bet matak nyangarkeun nagri, geus manggih beja sidik, awese pada kairut, tagiwur uru ara, teu nolih boga salaki pada datang ngahelaran ka kaputran.

Thursday, 28 May 2015

Wawacan Pangeran Purnama Alam bagian 1

karangan: R. Suriadireja

ASMARANDANA

Wiwitan anu digurit, aya sahiji nagara, gede sarta leuwih rame, ngaran nagara Riskomar, dina jaman harita, kamashur ku tina unggul, ti saban nagara lain. Kereta sartana mukti, henteu aya kakurangan, sumembor ka nagri sejen, tina kamulyaanana, sagala kahasilan, samalah enggeus kasebut, huluwotan dayeuh lian. Ari nu jadi narpati, ratu di nagri Riskomar, Sri Maha Dewa Pramayon, kongas adil palamarta, pinter sugih tur gagah, loba ratu anu taluk, jadi bawah parentahna. 

Kagungan putra sahiji, Sang Ratu ti prameswara, pameget kalangkung kasep, dina jaman harita mah, kongas ka sabuana, kakasihna nu mashur, Pangeran Purnama Alam. Istu kasep taya tanding, jadi mustikana rupa, bawaning ku langkung sae, asup kana paribasa, ku urang nagri eta, tina pada nadah lucu, disebut cahaya dunya. keur kasep katambah lantip, netepan kasatriaan, taya bundening goreng, wantu bener kusumahna, nyekel karaspatian, lungguh pancuh wuwuh ampuh, nyegah sakur lampah salah.

Ngan aya ku paerkawis, pasangaran salirana, nu narik kana ocogeh, lantaran leuwih kasepna, loba nu kaedanan, asal kapincut kairut, istri istri sadayana. najan nu boga salaki, ngadadak menta ditalak, hayang ka Pangeran Anom, tapi arambon sorangan, taya nu dilawanan, kantun ngaberung napsu murudul abrul abrulan.

Tatapi sang Putra tigin, henteu bingbing teu kagembang, ku istri anu tarembong, nutup anjeun di kaputran, lenggah di pagulingan, buku anu digugulung, nalek sakur kitab kitab. Sabab anu dipigalih, gampang lampah kalacuran, hese mun ngalap pangartos, bagbagan kasasmitaan, margi langkung kekelna, nyurupkeun ka jero kalbu, nyangsangkeun kana pangrasa.

tambah harita geus nyangkin, papacangan baris garwa, pangreremo sang Narpatos, Kaswati jenenganana, putri nagri Ambarak, rujuk sepuh pada sepuh jalan hayang bebesanan. Tatapi matak ngajadi, sumpeg galih sang Sri Nata, aringgis reremo bedo, kusabab Pangeran Putra, tacan kersa garwaan, da keur junun ngalap elmu, palay jembar pangawasa.

Mungpang ka pangersa Gusti, Pangeran Purnama Alam, teu kerja jadi panganten, ka putri Ratu Ambarak, malah aya saurna, kajeun dihukum digantung, dibuang ka tempat anggang. jeung tinimbang kana kenging, ku rama dipaksa nikah kajeun ngalolos ngaleos, nyingkiran ka nagri lian, kitu manah Sang putra, atuh Ratu wuwuh ewuh, sumawona prameswara.

Turug turug sering nampi, serat di Ratu Ambarak, ka kersa Maha Narpatos, ngangkeran nikahkeun putra, tina enggeus sedengna, nikahkeun nya mulung mantu, ka sang Pangeran Purnama. Eta leuwih leuwih jadi, sumpeg galih Sang Sri Nata, ari arek neda bedo, tindangtu jadi isinna, ku Sang Ratu Ambarak, malah tangtu aya tungtung, kana marga kaawonan. kadangkala sami lali, bawaning nular cecela, awal ahir hujan pelor, wantu sami jembar manah, ngambah ing danalaga, pada cukup bataliun sami tedak senaptya

Sareng Perkawis ka sumpeg Seri Maha Raja, marga Sang Pangeran Anon ku Raja geus kauninga, matak guyur nagara, ngusutkeun pikir nu lembut, nyusahkeun para kapala. Gujrud awewe sanagri, pada nandang kaedanan, paroho ampir garelo, sok aringgis jadi matak, sangar nagri Riskomar, Ratu langkung paur kalbu, inggis bahya kumaonam
 

Cerita dan Legenda Rakyat Dunia © 2008. Design By: SkinCorner

Wilujeng Sumping

Selamat datang di blog saya, warnanya ceria seceria kisah yang akan disajikan :D "Dalam setiap kisah selalu terselip pelajaran hidup yang berharga"
Flag Counter