Saturday 18 July 2015

Purnama Alam kagendam ku Dewi Kania : Wawacan Purnama Alam 5

Sang putra kawarti harita nuju Jumaah, didamel wiwitan ngaos, kana sakur-sakur kitab-kitab, pakih bajuri, sulam, tasaup jeung terus nahu, tajwid sapinah bidayah. Tara dimajlis di masjid ngaosna Sang Rajaputra hanteu ingkah ti patemon, sang Resi nu ngadongkapan saban pukul dalapan dongkap kana pukul satu, cara tata nu sakola.

Wantu-wantu seukeut galih, caan padang gampang ilham, wiridan tereh kahartos, tetes nyari dina rasa, wantuning titadina juru junun nyiar elmu, mahamkeun di pagulingan. Bawaning ku tigan  galih, kana hoyong enggal yasa, tara lungsur wungkul ngaos. Kaluarna ngan ka jamban di karang patamuan. Jadi sagala teu maphum kaayaan gurangsarak. Samalah tibarang sumping, Sang Rajaputra Purnama tara  amengan leleson, sakitu geus kalamian aya tilu sasihna, teu acan ka bumi Wiku, malah ka masjid ge tara. Atuh urang Paramanik loba nu tacan terang ka eta Pangeran Anom. Jaba ti santri sadaya anu bareto mapag anu terang ka Sang Sunu tina kakasepanana.

Dewi Kania kawarti anu kukuh kapengkuhan, mustika putri pasantren harita teu acan tepang sareng Pangeran Putra, wantu tara lungsur-lungsur Sang Kania ti bumina. Ngan wungkul lungsur ka cai, ku bawaning kekekl manah kana nalek ngalap hartos, malah-malah sumawona bangsa kasebut semah, pribumi ge carang tepung sareng Sang Dewi Kania. Kitu anu jadi margi teu tepang sareng Sang Putra, malah waktu sumpingna ge Kania teu yasa megat ti jalan patamuan, sabab Sang Dewi keur nuju rarepot ku padamelan. Turug-turug rada tebih, kira lima puluh tumbak kahalangan ku kakayon ti Bumi Sang Wiku Kurbah ka karang patamuan. Kawuwuhan sami pengkuh taya jalan yasa tepang.
Reujeung manahna sang Dewi nyangkana ka Rajaputra rupi sambarangan bae, bangsa menak lian nu geus sumping ka dinya. Margina tacan ngadangu kamashuran Rajaputra. Jeung adatna leuwih-leuwih, tara kagetan renjagan mun tepang jeung pameget teh. Reretna siga rek nitah sasapu, miceun runtah, jeung semu arek mitutur kana jalan kabageuran.
Harita keur nuju linggih di jero kamar pagulngan, saliren ti damel pawon, ngarenda turub baneja, duaan jeung bibina saderek ibuna estu, ngaran Halimah tur randa. Ahli beberes luis, teu kendat nyeta ngawanda, sabab keur beger pamindo, sarta sok pageuh rasiah, wantuning Nyi Hamiah nuju umur tengah tuwuh geus paham kana pertimah.
Dewi Kania mimiti ngicip-ngicip kana tara pasaling serong kahoyong, ayeuna jadi sulaya kabawa ku mokaha asal kagunturan catur ku guyur nu uar-uar jalma di Pramanik pada nyebut sumping menak kasep matak moho nenjo. Kitu kacapanganana sakabeh urang dinya. Kadangu ku pengku jadi medar panasaran. Kairid ku nu pupulih, kapikat ku nu carita, kabongroy ku nu ngaromong, tungtungna nya aya manah kana hayang uninga ka rupi nu dipuguyur, teu lami teras mariksa. Alon sarta imut manis sang Dewi Kania ka Nyi Hamiah, cacarios ngaharewos, inggis kadangu ku rama bok bilih jadi matak, bubuhan nu jadi wiku kekel nyekel kaharaman.
Saurna, “Cing embi kuring wartosan nu saenyana! ulah dicampur ku banyol, rupina nu sumping tea, Sang Purnama estu guyur mashur tina kasaeanana. Sakur nu geus taringali nyarebat mustika rupa, matak serab anu nenjo, kaduhung kuring teu megat dina waktu sumpingna, da eta atuh ku ribut baris nyadiakeun.”
Nyi Hamiah barang nguping pamariksa Sang Kania, seuri jeung terus ngawalon, “Naha atuh Nyai bongan hanteu nyelasng ka luar, abong keur didamel ribut, hanteu yasa kasalsean. Sakitu nya rada lami ngadeg lebah kaca-kaca eta Sang Pangeran Anom. Malah kadieu mayunna lir aya nu ditingal, embi mah awas kalangkung ningal tina sisi empang. Sidik teu jalir ti warti, hanteu sulaya ti beja, kasepna Pangeran Anom, embi mun maksud neangan sajagat moal mendak nu kasep mandean kitu, asup kana paribasa Lir Dewa Turun ti langit, pedaran ti sawarga, rupi matak serab nenjo. Paingan aya bejana matak guyur nagara, istri loba nu kapincut ku Sang Pangeran nonoman.”
Ngahuleng Dewi Kania margi nguping wartos sidik pertelana Rajaputra, yen bener kasepna leuwih. Manahna  tambah deui kana hoyong geura maphum
Teras deui mariksa, “sareng kumaha nu mawi kawas-kawas eta Sang Pangeran Putra sok tara angkat amengan. Sakitu nya geus lami malah ka masjid ge tara, bejana ti para santri bet lungguh teuing.”
Hamiah seuri ngawangsul,”Enya bener teu salah, malah ceuk jongos jeung koki tara lungsur ti jero bumi patamua. Lungsurna ukur ka jamban, kitu bae siang wengi.”
Pok deui Dewi Kania, “Cing atuh urang arintip ti kebon anu suni, nu awas ka emper pungkur, suganna kaparengan Sang Putra angkat ka cai, pura pura urang ngala bubuahan.”
Barang eukeur sasauran, torojol Sang Resi sumping mentas ngawuruk sang Putra, ka Kania seug ngalahir, “Ayeuna Nyai misti popolah baris pupundut ka Pangeran Purnama, sebutkeun nyai pribadi nu babakti sugan jadi kasaean. Sanggakeun ku Nyi Hamniah, ulah ku Nyai pribadi, isin ku Pangeran Putra. Pek ayeuna gasik-gasik bisi kaburu burit!”
Dewi Kania ngawangsul, “Nyumanggakeun ka rama.” Sarta harita teu lami teras bae popolah baris babakta.
Tunda Sang Dewi Kania, catur Sang Pangeran deui di bumi lenggah dideuheusan hiji santri, saderek Maha Resi umur tilu puluh tahun, ngaran Ahmad Sembada, ngaduda teu boga rabi, langkung-langkung diasih ku Rajaputra. Sonagar bisa carita dongeng-dongeng matak seri, ngagerahkeun anu susah, samalah sok pada nuding, bodorna Paramanik, bawaning ku pada lucu.
Teu lami Rajaputra ka Sembada seug ngalahir, “Aeh mamang Sembada, kuring arek nanya. Sabab kuring tacan terang, ari eta ama Resi kumaha kagungan putra? Sakitu nya geus lami, teu ngadenge teu manggih, nu kasebut putra wiku, naha hanteu kagungan?”
Ahmad Sembada teu lami ngawangsulan ka Rajaputra Purnama, “Pun lanceuk gaduheun pisan putra istri amung hiji. Wasta pun Dewi Kania, teu acan gaduh salaki.”
Sang Putra nyaur deui, “Nu mana? Kuring teu maphum, jeung naha teu manggihan. Sakieu nya enggeus lami.”
Ngawangsulan  Sembada ka Sang Pangeran, “Manawi roa pambengan. Pun anak anu sayakti henteu marek ka gamparan, bubuhan awese sisi teu kenging sina cicing, dipuuk  ku damel ribut, ngala cai, kukumbah, beberes jeung beberesih, mirun seuneu, nutu, ngisikan popolah.”
Nyaur deui Sang Pangeran, “naha bet kacida teuing ngajar teh satengah nyiksa? Datang ka teu meunang cicing, lir ka nu beunang meuli. Tungtungna kuru ku ribut. Kumaha mun kapapas dirina jadi ririwit, raragana ngayakas rupana pias.”
Kitu saur Sang Pangeran, bawaning ku leuwih-leuwih nandang kateu panujuan mun enya eta teh Resi ngajar ka putra istri. Hadena piunjuk palsu jijieunan Sembada ngeweskeun titisan sisi, kaluasan palajaran di desa.
Gancangna ieu carita, barang keur nuju wawarti, jebul Nyi Hamiah dongkap, ngabantun baris babakti, pasakan jeung nu amis, wadahna lodor jeung sangku dina baki kuningan. Ari nu bangsa amis-amis ku baneja sarta dina piring gelas. Ditanggeuy ku Nyi Hamiah, jeung disanggakeun sakali ka payuneun Rajaputra.
Sang Rajaputra ningali sarta ngalahir mariksa kanu pupundut,”eta teh nu timana? Bet asa kakara panggih.”
Ngawangsulan Hamiah ka Sang Pangeran, “Ieu abdi gamparan, seuweuna pun lanceuk Resi, wasta pun Dewi Kania, hatur lumayan babakti.”
Rajaputra ngalahir,”Atuh rebu-rebu nuhun, ngan naha Nyi Kania hanteu datang ku pribadi? Kula hayang panggih da tacan terang. Sarerea mah geus datang nu aya di Paramanik, nareang manggihan kula, pada misono miasih, teu kendat beurang jeung peuting, maraksud harayang wawuh, ari Nyai Kania, abong abong teung santri, tigin magon haram papanggih jeung bujang. Naha dicaram ku ama, atawa ku bibi Resi? Ulah rek manggihan kula.”
Nyi Hamiah hanteu lami ngawangsul langkung isin,”Abdi gamparan nu estu, sanes kitu margina nu mawi  hanteu dumugi ngadeuheusan menggah ka lenggah gamparan amung marga karepotan. Gamparan lintang tingali, roa roa padamelan, sareng kadua perkawis, sanggem pun anak, isin.”
Sang Purnama Alam nyaur,”Ih bet matak hanjakal teu beunang dijieun wargi, make aya babasan era ku kula. Ngan ayeuna pendekna mah bejakeun bae ku bibi, ka Nyai Dewi Kania, kula hayang papanggih, bisi kaburu balik tina sabab tacan puguh kula didieu lila masantren bumetah mukim.”
Nyi Hamiah ngawangsul, “Unjuk sumangga.”
Barang geus tamat wawarta, Pangeran Putra teu lami lumebet ka pagulingan, nyandak ti jero almari hiji sinjang jeung duit baris mulang pupundut. Sinjang sutra katoyan, pasung tulis pulas gading, sawat tabur sekar gambir nu sumiak. Ari duit dua dinar.
Sang Rajaputra ngalahir ka eta Nyi Hamiah, “Ie selehkeun ku bibi samping sarta duitna ka Kania! juru akur, lumayan keur babasah.”
Nyi Hamiah nyembah nampi, sarta bari pamitan gancangna mulang.
Sang Raja Purnama teu lami ngalahir deui ka eta Ahmad Sembada,”Kania ku mamang mugi kudu pisan pepeling ulah bet datang ka kitu, lingas embung manggihan, teu beunang  dijieun wargi. Ulah aya basa rempan kumaonam. Reujeung kumaha rupana? Mana mana dusun-dusun teuing.”
Ngawangsul Ahmad Sembada,”Menggah emutan sim abdi mo kantos di pepeling, supados geus aya saur, tangtos ka dieu dongkap, amung gamparan milahir mariksakeun rupi pun Dewi Kania. Jisim abdi teu tiasa ngunjukeun rupi pun Dewi, margina rumaos pisan wantu alo jisim abdi, engke bae tingali tindakna sareng pamulu dina parantos dongkap.”
Pangeran ngalahirdeui,”boa teuing embungeun ka dieu datang.”
Tunda sang Pangeran Putra anu eukeur gunem warti. Kocap Sang Dewi Kania keur lenggah di jero bumi sareng Maha Resi, ibuna deui teu kantun ngaantosan Nyi Hamiah eukeur nyanggakeun babakti. Maranahna kumaha dawuhanana. Teu lami jebul Hamiah, geus asup ka jero bumi bari yampeurkeun ka Sang Kania. Jeung bari teu kendat seuri, bangun nu suka ati, sarta nyodorkeun kikintunan ka Sang Dewi Kania, nya eta sinjang jeung duit.
“Ieu Nyai pasihan ti Rajaputra.”
Dicandak ku Sang Kania, barang bray dibuka sidik, uang reujeung hiji sinjang. Sang Dewi Kania leuwih nandangan bungah galih, bari nyebat nuhun nuhun, kitu deui ibuna jeung ramana naringali langkung bungah yen putra nampi pasihan.
Dibeber disampay sampay, titilik dibulak balik, dalingding wawangen dupa, nancep ka galih nu geulis, nyari di sanubari, jadi emut ka nu ngintun, geugeutna kana sinjang, tungtungna celetit nyiwi bari imut ka pingping Nyi Halimah.
Hamiah terus nyarita,”Tai embi nandang isin ku San Pangaran Purnama. Kantaran Nyai pribadi teu beunang dipiwargi, hanteu pisan muru-muru datang ka patamuan ti barang Pagerang sumping, hanteu aya tanda bungah disumpingan. Samalah tadi saurna, mungguhing Nyai teh misti ngadeuheusan ka patamuan, saurna ku hayang panggih. Tong aya pikir risi, ragab rempan jero kalbu, da puguh jeung baraya, kaduana pada santri, tah sakitu dawuhan Sang Rajaputra.”
Ngawalon Dewi Kania,”kuring mah supaya idin ti ibu sareng ti ama, estu moal burung teuing siang atawa wengi ngadeuheusan buru buru ka Sang Pangeran Putra.”
Sang Resi teras ngalahir,”Nya jig bae ama mah mo ngahalangan, balikanan teu nepangan, dusun abong urang sisi. Teu aya basa sonagar, tangtu pada nuding nuding kana basa kiwari, alus tangtung jejer lisung, sonagar di tetelar, sirna pkir ngambah pasir, di nagara gura giru ku era.”
Ibuna deui wawarta,”Atuh isuk bae Nyai! Dumeuheus ka Rajaputra, ayuena kaburu burit, jeung kadua perkawis, eta sinjang nu kakintun, kudu pake isukan, malar sina katingali tanda bungah jeung hormat ka nu masihan.”

Gancangna ieu carita, Dewi Kania teu rugi numutkeun saur ibuna. Teu kacatur waktu wengi, kocap isukna deui dikira geus pukul tujuh, Dewi Kania rentag surser salebeting galih henteu pegat isin samemeh patepang.
Lajeng siram ngasay sarta teu rusuh, jasmani seungit ti tadi kawuwuh ku harum sabun, atuh beuki ngadalingding ngelehkeun minyak rosbalon. Sanggeus siram ak bumina buru-buru meresan rambut luluis, jeung ngaca nyunyurup sanggul, galing muntang bijil jabing, tembong kurabu moncorong. Diraksukan tabur suat sekar tanjung. Dasar boda sutra ipis, geulang mas duket ngagebur, wantu wantu beunang nyangling sinjangna nu ti Sang Anom.
Dipanitih panabur sosoca mancur. Keur geulis katambah luis. Nungtun semu ti kadatun, nindih rupi nu ti puri, lir tagog nu ti karaton.
Nyi Dewi Kania barang geus tutup tina pagulingan bijil disaur ku rama ibu. Sang Resi lajeng ngalahir,”Eh dewi Kania enong, coba dangu ayeuna ama mitutur. Poma poma masing elin! Ngadeuheusan ka bangsa luhur, terah narpati, mungguh sang Pangeran Anom kudu leuwih tata titi tindak tanduk, babakti hurmat jeung tadim, lampah jaga saur ukur, ulah sok dadapon lahir, lampah bengong omong kosong. Kaduana poma-poma pisan enung, jaring pikir bisi lali, yen Nyai enggeus kasebut anak anu jadi resi, bisi ngadolos nu awon. Tah sakitu subaya ama ka enung. Pek ayeuna gera indit! Reujeung nyi Halimah kudu.”
Dewi Kania teu lami jengkar ka karang patamon. Nyi Hamiah naggeuy keur baris pupundut, bubuahan rupi-rupi, wadahna baneja kayu, budidaya jeruk bali, cengkir bapang buah gedong. Ka patemon geus sumping teras ka dapur. Curinghak jongos jeung koki, ngaranjug nu sasapu, buncelik nya tukang ngistrik, olohok juru kokosok, kaget ningali nu geulis asup ka dapur, nu manis sumping ti pipir.
Sang Dewi nyaur, imut wantu amis budi ka koki minatu jongos,”Aeh paman di mana Pangeran Sunu? Sumeja ngadeuheus kuring.”
Gancang ki koki ngawangsul,”sumuhun linggih di bumi, duka ngaos duka ebog.”
Saur Dewi Kania,”Cing coba atuh unjukeun yen aya kuring ka kersa Pangeran Sunu.”
Nyumanggakeun koki gasik, ka jero bumi patamon. Rajaputra lenggah dina bangku, ningali koki, ngalahir,”arek naon maneh maksud?”
Nyenbah ngawangsulan koki ka kersa Pangeran Anom,”jisim abdi sumeja gaduh piunjuk, margi kadongkapan istri, putrana Sang Maha Wiku, bade ngadeuheus babakti, ayeuna aya di pawon.”
Rajaputra teu lami teras ngadawuh,”Kadieu kituh Nyi Dewi! Ulah bet cicing di dapur.”
Tuluy koki indit deui ngemban dawuhan Sang Anom. Ka Sang Dewi Kania koki pihatur sumangga lenggah ka bumi timbalan Pangeran Sunu. Dewi Kania teu lami lebet ka bumi patamon.
Barang bray teh Sang Dewi mukakeun panto, lumebet ka jero bumi nyembah emok mando tungkul, reret pinutra ningali, kaget hanteu weleh mencrong. Bari nyaur dina salebeting kalbu, “aeh aeh kutan geulis lain patut anak wiku, lain rupa anak alim, sorot tagot ti karaton. Satingkahna nyembah diuk hanteu dusun, titih rintih lir ti puri,”kitu manahna Sang Sunu muji pamulu Sang Dewi sarta terus teu lami marios.
“Aeh aeh Nyai Kania ku kitu, sakieu enya enggeus lami, naha bet kakara cunduk? Sakitana diperedih ku urang karang patamon. Taya tanda buru buru ngaku dulur, abong abong putri alim, alim ngaku alim akur, alim sono alim panggih, alim teh katotoloyoh,”
Putri Resi imut sartana tumungkul hanteu ngawangsul ku isin, ku nampi saur Sang Sunu, nyeukseukan bawaning pusing dan bongan kendor misono.
Rajaputra tina bangku enggal lungsur, ngalihna kana alketip, nu dianggo ku tatamu. Nyaketan supaya sidik, jongokna kira sakodok. Rajaputra estuning teu suwung-suwung ningali neuteup ka Sang Dewi, kagungan manah saumur gumelar di alam lahir ngambah ka saban karaton henteu medak nu geulis  mandean kitu, matak nyari kana ati, matak tagiwur nya napsu, matak ririwit nya diri, matak kabongbroy nya nenjo. Tungtungna mah Sang Rajaputra laliwiung ku tina kapetik galih, kaajul lebeting kalbu ku mustika paramanik, bati ramohpoy ku ruyroy.
Putri Resi kitu deui, ningali ka Rajaputra amung ku reret sakedet, nyaur dina sajeroning manah,”saumur nembe mendak anu kasep cara kitu, endah meakeun nu lian. Hanteu jalir tina warti henteu beda tina beja, hanteu geseh ti nu lemek, kasepna ieu Sang Putra, percaya mun kitu mah, sok matak gumuyur ibur, istri istri kaedanan, estu jatining lalaki, tayoh mustikana rupa, kasep matak moho nenjo, paingan jenenganana mashur Purnama Alam, da cahayana ngagebur, lir kaya bulan purnama.”

Gancangna anu digurit, Nyai Sang Dewi Kania tungtungna papencrong pencrong, sami kawisaya rasa, geus pada maen soca dibarung imut pangirut, bubuden nu ngaladenan. Sami nyari dina ati pada nyangsang dina rasa, hanteu geseh nyantel hate, kawuwuh pada pujaran, ngan kantun sasauran wantu wantu pada dusun kana geusan kaluasan.

0 komentar:

 

Cerita dan Legenda Rakyat Dunia © 2008. Design By: SkinCorner

Wilujeng Sumping

Selamat datang di blog saya, warnanya ceria seceria kisah yang akan disajikan :D "Dalam setiap kisah selalu terselip pelajaran hidup yang berharga"
Flag Counter