Showing posts with label Kisah Rakyat Tatar Sunda. Show all posts
Showing posts with label Kisah Rakyat Tatar Sunda. Show all posts

Friday, 11 February 2022

Cerita dari Tatar Sunda: Sasakala Situ Bagendit (Asal Mula Situ Bagendit)

 Kalau mendengar kota Garut, biasanya yang terbayang adalah Dodol dan Domba. Namun kalau Anda main ke Garut cobalah mampir di ke Kecamatan Banyuresmi Kabupaten Garut. Di sana ada destinasa wisata alam yang indah namanya Situ Bagendit...

Nah...Situ Bagendit ini (atau Telaga Bagendit) punya kisah tersendiri...begini ceritanya

Di desa Banyuresmi tinggallah sebuah keluarga kaya raya yaitu Pak Bagendit dan Nyai Bagendit. Ketika Pak Bagendit meninggal, penduduk ikut berduka. Nyai Bagendit berurai air mata duka karena ditinggal suaminya.

Hari-hari selanjutnya, kesulitan hidup mulai terasa, terutama masalah keuangan. Nyai Bagendit pun mencari jalan keluar. Ia tinggal di rumah mewa peninggalan suaminya. Untuk mendapatkan modal usaha, Nyai Bagendit menjual rumah tersebut dengan harga 500 sen. Uang tersebut ia belikan rumah baru seharga 250 sen, sisanya dipakai untuk modal. 

Dongeng Tatar Sunda : Si Kabayan Ngala Nangka

Si Kabayan teh minantu Abah hiji-hijina (da anakna ge ngan hiji nyeta si iteung). Si Abah sok kesel ka si Kabayan teh, keur mah nganggur, ngedul pagaweanana ngan sare wae teu isuk teu beurang, komo peuting mah. Da si Abah ge heran ka nyi Iteung teh naha bet bogoh ka jelema kitu, pikirna meureun dipelet tah si Iteung teh ku si Kabayan. 
Dina hiji poe, biasa si Kabayan mah keur sare we dina korsi panjang diharudung samping sarung. Kurunyung si Abah ti jero Imah, jol ngomong bari ngageuingkeun si Kabayan.
"Kabayan, hudang siah! maenya wayah kieu masih keneh molor. tuh gawe siga batur!" ceuk si Abah 
Kuniang si Kabayan cengkat bari nguliat. 

Monday, 14 November 2016

Cerita Rakyat Indramayu : Saedah dan Saeni

Legenda ini terjadi di Indramayu, tepatnya di daerah Karang Turi. Yang suka ke Indramayu pasti tahu kan jembatan Sewo? Tapi hati-hati ya, banyak kecelakaan.  Nah disitulah cerita ini berpusat. Tapi jangan heran, seperti umumnya legenda, banyak versi. Nikmati saja!!!. Di Indramayu legenda ini sudah berkembang kemana-mana sampai ke Cirebon. Sampai dibuat kawih Demayuan “KISER SAEDAH SAENI”.

Kita mulai ceritanya!!!

Jembatan Sewo
Sarkawi adalah seorang kepala keluarga dengan seorang isteri dan dua orang anak yaitu Saedah dan Saeni. Dia tinggal di daerah Karang Turi, Indramayu. Suatu hari Sarkawi pergi naik haji. Dalam perjalanan dia tergoda oleh  ronggeng yang namanya Maemunah. Karena saking cintanya, dia nikahi itu ronggeng tanpa bilang dulu sama keluarganya di kampung.

Tujuh bulan Sarkawi tidak pulang kampung. Isteri dan anak-anaknya ga ada yang tahu kalau Sarkawi menikah lagi. Isteri Sarkawi sakit yang akhirnya meninggal dunia. Sarkawi yang tinggal dengan isteri mudanya lama-lama kangen sama anak-anaknya. Dia memutuskan pulang ke kampung dengan tekad bulat dia akan mengenalkan isteri mudanya. Tak disangka tak dinyana, dia kaget ternyata isterinya sudah meninggal. Dia kemudian mengenalkan Maemunah kepada anaknya, dan dinasehatilah anaknya supaya menganggap Maemunah sebagai ibu kandungnya sendiri.

Thursday, 30 July 2015

Legenda Danau Toba dan Pulau Samosir : Cerita Rakyat Sumatera Utara

Sumber gambar: danautoba.org
Seperti legenda-legenda lainnya, legenda Danau Toba pun mempunyai banyak versi. dapat dimaklumi karena legenda rakyat memang disampaikan dari mulut ke mulut. Bahkan kalau kita cermati, beberapa legenda rakyat ada beberapa bagian memiliki sedikit kemiripan. Seperti Keong Mas dengan Danau Toba; Pahit Lidah dengan Jaka Tarub, Sangkuriang dengan Oidipus  Namun dari semua perbedaan yang ada selalu ada hikmah yang dapat kita petik dari kisah tersebut. Selamat membaca.

Alkisah ada seorang pemuda pengembara. Setelah ia mengembara kemana-mana, tibalah di suatu tempat yang menarik hatinya. Tempatnya indah, di pinggir sungai yang masih jernih serta tanahnya yang subur. Merasa tertarik dengan keindahan tempat itu, ia berniat menetap. Maka lelaki itu membangun rumah di sekitar sungai tersebut. Setelah rumahnya jadi, ia berkeliling melihat-lihat daerah tersebut mencari tanah yang subur untuk di bercocok tanam. Setelah menemukan tanah yang subur, ia mulai bercocok tanam. 

Thursday, 23 July 2015

Raden Purnama Alam nikah sareng Dewi Kania : Purnama Alam bag. 7

Urang bujengkeun perkawis ieu hal Pangeran Putra anu keur nandang prihatos. Entong panjang ditataan enggen enggening brangta, bilih bosen nu ngadangu. kocapkeun wae enggalna putra putri geus ngahiji, rendengan sami sukana, maklum anom pada anom. Tandingan sami geugeutna, siang wengi teu pisah runtut rukun matak lucu, wuwuh resep nu ningal. 

Kacatur geus rada lami, Sang Dewi jeung Rajaputra, kira geus sapuluh poe tina waktuna nikahna. Harita nuju lenggah di payun damel ngawuruk ka rayi Dewi Kania. Elmuning haliah lahir, aksara etang-etangan jeung sagala basa bae, sipat elmuning sakola, ku sang Raja Pinutra hanteu kaliwat kaliru, panemu saaya aya. Katurug turug Sang Dewi kacida pisan maksadna kana naros soson soson, ngalap pangartos Sang Putra. Bangsa kasasmitaan, junun sarta gampang nyurup. wantu ninggang ka nu padang. 

Saturday, 18 July 2015

Si Kabayan ngala tutut

Dina hiji poe si Kabayan di titah Nyi Iteung ngala tutut, keur deungeun sangu cenah, teu boga nanaon.
Si Kabayan Indit ka sawah bari mawa usep jeung korang. Geus nepi ka sawah, Si Kabayan neangan tempat nu mernah tuluy diuk. Nyokot usepnya clom di anclomkeun ka sawah. tuluy cicing bae nungguna tutut  nyanggut kana usep. Si Kabayan diuk teh geus lila ampir sa jamna tapi euweuh hiji oge nu nyangut

Purnama Alam kabungbulengan, ngedalkeun rasa ka Dewi Kania : Purnama Alam bag 6

Asmarandana
Rajaputra hanteu lami wawarti alon tur tata, aringgis nengtog salah pok. Dumugi nyutat babasan lir pikeun ka sasama, tina hanteu rempan kalbu, engkang ngabasakeunana.
"Aeh enung Nyai Dewi, marga ku engkang diala, engkang teh arek wawartos supayana Nyai terang lalakon diri engkang sababna nu matak cunduk ka Pasantren Gurangsarak.
Karasa tilu perkawis, leuwih leuwih nandang susah,ku bodo katotoloyoh. lantaran engkang ku bongan gede teuing kadunyaan

Purnama Alam kagendam ku Dewi Kania : Wawacan Purnama Alam 5

Sang putra kawarti harita nuju Jumaah, didamel wiwitan ngaos, kana sakur-sakur kitab-kitab, pakih bajuri, sulam, tasaup jeung terus nahu, tajwid sapinah bidayah. Tara dimajlis di masjid ngaosna Sang Rajaputra hanteu ingkah ti patemon, sang Resi nu ngadongkapan saban pukul dalapan dongkap kana pukul satu, cara tata nu sakola.

Thursday, 9 July 2015

Raden Purnama Alam matuh di Pasantren Permanik : Bagian 4

Ari eta mantri teh teu lami, saenggeusna tarapti harita ti pasantren mulih bae. Kacaturkeun Sang Wiku ka garwana terus wawarti sareng ka Dewi Kania kudu urus-urus, baris nyondongkeun Sang Putra. Nyumanggakeun Dewi Kania ka Resi sarta terus popolah. Henteu susah wantu anu rajin, turug-turug di bangsa nu aya nyanga-nyanga ngueh-ngueh

Saturday, 4 July 2015

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet

image:wijias.blogspot.com
Dina hiji leuweung aya sakadang monyet jeung sakadang kuya sosobatan dalit. Kamana-mana sok babarengan wae. Hiji poe sakadang monyet ngomong ka sakadang kuya nu keur ngeueum di walungan. 
"Uya! Hanjat gera!" sakadang monyet ngajorowok tina tangkal teureup
"Embung ah panas!" jawab sakadang kuya
"eeeh..hayu urang neangan hakaneun ka huma!" ajak sakadang monyet
"Embung ah, sieun katewak." sakadang kuya nolak.
"moal atuh, kan aya uing, engke mun aya patani, ku uing nyaneh digendong." ceuk sakadang monyet ngayakinkeun.
"Moal ninggalkeun kuring nyah?"sakadang kuya nanya ngayakinkeun.
"Moal atuh, maenya ka babaturan kitu." ceuk sakadang monyet bari turun

Friday, 3 July 2015

Si Kabayan : Uing budak leutik

Tatangga si Kabayan aya nu hajatan, imahna pagigir gigir. Kabeh pada diondang, ngan si Kabayan nu teu diondang ma'lum da jalma miskin. Atuh si Kabayan nu tadina geus bungah bakal dahar lauk kalahka ngegel curuk. Lantaran kesel manehna datang ka tempat hajatan, make calana kolor hungkul teu make baju. Di imah tatanggana teh  rame ku nu ondangan, si kabayan ka pipir imah nu hajat bari ngadeupan (ngameteran) tembok imah, bari ngomong, hiji, dua, tilu...terus ngadeupaan nepi ka palebah dapur.

Purnama Alam Masantren di Resi Muhammad Kurbah : Purnama Alam 3


Sinom
Arya Patih ngawangsulan, “Menggah abdi dalem yakti, katur sakalintang rempag, kana sadaya panglahir, amung kedah dijagi, bilih ngalolos teu puguh, ti gunung Gurangsarak”. Saur Ratu, “Bener Patih, poe isuk anterkeun ku sarerea.
Ayeuna kudu sadia, gulang gulang para mantri, nganteurkeun Purnama Alam, ka resi paguron santri, reujeung ayeuna misti nitah mantri buru buru, ka gunung Gurangsarak, mawa surat keur Resi, mere terang baris datang Ki Purnama.”

Wednesday, 1 July 2015

Purnama Alam bag.2

Harita Sri Maha Raja keur linggih di srimanganti, sarengan pramesawara di deuhuesan ku papatih, Arya Gundara Pati, teu lami ratu ngadawuh, “Eh Patih, marga kakang nyaur teh arek badami, hal perkara si ujang Purnama Alam. Estu matak jadi susah, ngarudetkeun kana ati, karasa dua perkara gumanteng di sanubari. Ari anu ngajadi kana tunggara kabingung, kahiji, nu geus nyata, Ki Purnama Alam mungkir ka Kasmati nampik teu daekeun nikah.
Jeung kadua perkarana, kakang leuwih leuwih risi, ku watek Purnama Alam, bet matak nyangarkeun nagri, geus manggih beja sidik, awese pada kairut, tagiwur uru ara, teu nolih boga salaki pada datang ngahelaran ka kaputran.

Sunday, 21 June 2015

Kisah Jenaka : Si Kabayan meunang Saembara, kawin Jeung si Iteung

Di kampung si Kabayan aya jelema jegud katelahna si Abah Ontohod. Disebut Ontohod soteh da teu kaop nyarekan ka anak buahna teh sok bari nyebut dasar "ontohon siah" cenah. katelah bae ku urang kampung teh Abah Ontohod. Si Abah Boga parawan ngan hiji, kaasup geulis di kampungna mah ngan kulitna rada hideung, hideung santen katelahna mah, hitam manis tea. Kusabab kulitna hideung santen, anak si Abah sok dipanggilna si Iteung.

Si Iteung teh keur meujeuhna beger nyaeta keur resep ka lalaki, geus waktuna kawin cenah. Tapi si Abah embung boga minantu nu teu puguh, kudu hade, loba pamake jeung loba kabisa. Ngan teuing ku naon si Abah teh hayang boga minantu teh anu irungna seukeut. Nyeta seukeut ngambungna. Cenahmah supaya mun ulin ka huma bisa ngambeu jurig, maung, ajag jeung sasatoan lain ma'lum humana ge lega. Jadi bisa kabur samemeh di panggih jeung maung.

Wednesday, 17 June 2015

Legenda Dewi Rengganis 7 : Raja Amir Hamzah

Pangkur 

Ganti anu dicatur
Sultan Arab jenengan Menak Amir
Dina waktu isuk isuk
Sang Raja Amir Hamzah
magelaran kumpul para ratu sewu
hurung mancur cahayana
panganggo para narpati

Anu calik dipayun, Raja Maktal anu jadi papatih.
Bagenda Hamzah ngadawuh,"Eh Yayi Patih Maktal, rasa kakang enggeus pirang pirang minggu, Ki Dipati Narpatmaja henteu ngadeuheus ka kami. Wantuning panganten anyar, sukur sewu geus lulut raki rabi."

Thursday, 11 June 2015

Legenda Rakyat : Asal Usul Kota Cianjur

Kota Cianjur
Jaman dahulu di daerah Jawa Barat ada seorang lelaki yang terkenal sangat kaya. hampir semua tanah  pertanian di daerah tersebut dikuasai oleh orang tersebut. Sehingga penduduk yang lain hanya menjadi buruh. Sayangnya, lelaki tersebut sangat kikir makanya dijuluki si Kikir.

Si Kikir punya seorang anak. Beda dengan bapaknya, si anak ini berwatak baik dan dermawan. Dia suka membantu penduduk desa dengan sembunyi sembunyi.

Suatu hari, si Kikir mau ngadain acara syukuran. Dia mengundang para penduduk desa. Menurut anggapan mereka, kalau ngadain syukuran pasti besar-besaran, jamuannya banyak beraneka ragam makanan, maklum orang kaya. Dasar orang kikir, ternyata si Kikir hanya nyiapin makanan yang sederhana aja, jumlahnya cuma sedikit. Banyak warga desa yang ga kebagian makanan. mereka hanya mengelus dada melihat kelakukan si Kikir yang benar-benar kikir.

Sunday, 7 June 2015

Dewi Rengganis ocon sareng Raden suwangsa, (Kisah Dewi Rengganis bag.6)


Dangdanggula (i-a-e-u-i-a-u-a-i-a)

Lajeng gugah bae Raden Mantri, tina bangku pangkulemanana, sarta hulang huleng bae, bari ningal ka luhur, ningalian Dewi Rengganis, duh enung gusti engkang, kuma peta nyusul, henteu bisa ngawang-ngawang, kaniaya Rengganis ka diri kami, wet wani-wani nilar.

Kacaturkeun polah Raden Mantri samar rasa teu puguh polahna, cara hayam arek ngendog, manahna kalangkung liwung cara jalma keun piranti, tegesna ku wisaya, cara nu kaduyung, tina sanget kaedanan, nu kacipta ngan Rengganis buah ati, raos teu pisah-pisah.

Kitu deu Nyai Rengganis henteu lali kana perjangjian, serja ngajugjug ka kebon ti gunungna geus ngapung ngawang-ngawang bareng jeung angin. Wangina geus tiheula ngajugjug pangambung Raden Iman Suwangsa; langkung kaget ningal kanan miwah keri, mesem Kusumah Rara., ningal tata polah Raden Mantri. Nyi Rengganis enggeus ngambah lemah, gandrung-gandrung angkat alon, lucu anu lumaku istu titih Retna Rengganis mun manggih jeung seuseukeutan nyimpang rada jauh, temahna bisi kacugak, kasarimped ngabeulit raheut ku hinis, Rengganis wiwahana.

Narpatmaja geus hoyong panggih, Nyi Rengganis henteu katangilan kahalangan ku kakayon, handapeun nagasantun rada nyumput Retna Rengganis. Ngan wangina nyambuang jero taman santun. Suwangsa wuwuh kaedanan, pok ngalahir, “Nya dimana Nyi Rengganis, henteu gera katingal?” Mesem leleb Nyi Retna Rengganis, ngarungukeun saur Narpatmaja, sasauran semu banyol , “Dimana si dadahut nu sok ngundeur di Tamansari, siga naon rupana, mana matak giung tayohna geulis rupana, ngan hanjakal salingkuh kacida teuing, bohong naon pedahna. Salingkuh teu nembongkeun diri.” Ku suwangsa haben di teangan, henteu lila geus katembong, bungah manahna kalangkung, Narpatmaja barang gok panggih, lir budak susumputan, neangan katimu, gumujeng langkung suka, kitu deui Kusumah Rara Rengganis, teu beda jeung Suwangsa.

Enggeus sami ngadukeun tingali, Nyi Rengganis lucu lelewana, serewel jeg nangtang toel. Raden Suwangsa maju pura-pura henteu ningali ka Nyimas  Argapura, Rengganis geus maphum, sarta Rengganis geus yatna, Narpatmaja bari maju mesem manis ngarah dek newak tangan. Ganjang ngejat Nyi Retna Rengganis. Teu katewak,

Saur Narpatmaja ,”heum naha Enung sok ogo, dideukeutan sok undur, matak naon mun jongjong cicing, calik mangka jatnika, montong dek timburu, salempang ku engkang, da engkah mah henteu pisan goreng pikir, maksud nu saenyana. Enggeus jamak mungguhing di jalmi mun papanggih jeung dulur geus lila, pasti kudu ruket bae, jamak sono jeung dulur, lamun make tataning santri seug tuluy sasalaman. Sunat geus mashur, hayu urang sasalaman, da engkang mah henteu boga dua pikir, taya pikir rangkepan.”

Pok ngawalon Nyi Ratna Rengganis, “Anu matak sungkan deukeut pisan adat ajengan sok ocon. Pasemon ngan dek nubruk kawas lain tedak bupati, ngan endek tuwak tewak. Kuring mah panuhun jadi ngaleungitkeun tata, lamun cara sareng saderek sayakti, mun geus pada gede mah. Awad awad henteu dua pikir, ngadeukeutan ngajak sasalaman, ku kuring dikinten bae, ajengan dek murugul. Lamun kuring teu geuwat nyingkir, dicandak sasalaman, rasa kuring tangtu moal lesot ku sakedap. Hantem bae tujuh poe tujuh peuting moal lesot panangan. Pasti haram mungguhin di santri, lamun linggih deukeut rerendengan lalaki sareng awewe, nya kudu rada jauh kira pantes mun ditingali, kudu heuleut satumbak, sedengna kitu meureun katingalna, jadi pantes teu kasebat hina teuing.” Raden kawon bicara.

Bari imut Rengganis pok deui, “jisim kuring jengkel ku ajengan, jauh-jauh keneh oge, ngan dek ngadu pangambung, ngadu tarang jeung jisim kuring, naon kersa ajengan, anu matak kitu? Jisim kuring mah teu werat, lamun acan akad nikah ka masigit, sungkan dicaluntangan.”

Narpatmaja pok ngalahir deui, “Eneng Ratna, engkang henteu terang kana omongan Nyai teh, wantuning rada jauh, reujeung kapalidkeun ku angin. Cing sing deukeut meueusan, supaya karungu, tetela nu bicara ku manehna supaya kami mangarti, coba sing deukeut pisan. Reujung deui maneh teh Rengganis, poma ulah arek salah tampa, engkang geus rada torek nu matak nyai kudu mun ngomong tompokeun sakali kana ceuli sing nyata.”
Rengganis ngawangsul, “ Palias teuing juragan kirang rungu.”

Gumujeng Raden Mantri akalna taya nu mental. Kacaturkeun geus satata linggih. Nyi Rengganis reujeung Narpatmaja duaan enggeus ngarendeng. Raden Suwangsa nyaur, “Saperkara cacadna Nyai kurang rumaket pisan. Boro ngangken dulur masih keneh asa-asa. Cek engkang mah Nyai kaapikan teuing, leuwih tina meujeuhna. Diri engkang ayeuna ku Nyai geus diangken dulur kapiraka, tapi tacan ngeunah keneh najan sapuluh ngaku ngaku dulur da teu sabibit reujeung  henteu sabapa. Teges dulur pulung, tatapi ulah kapalang, lamun rempug reujeung lelembutan Nyai, anggur geura rimbitan. Lamun Nyai rek boga salaki, kudu milih ka jalma nu utama, nu asal turunan hade, sukur mun sakaruhun, tungggal buyut nini jeung aki, tegesna ka baraya supayana runtut, nu matak kudu sabangsa, nu pambrih sakahayang, sabagja sacilaka. Reujeung ka nu netenpan agami, nya carogean ka nu rapekan, tegesna rea kanyaho, ambih meunang pituduh lahir batin marga salaki, ka salira enung ulah nyorang paribasa, carogean pipilih nyiar nu leuwih, koceplak ka nu naktak.”
“Ari indit kudu reujung arit, tugur tundan nanggung bebekelan, lengoh di titah ngagotong, ngan ulah ka nu kitu,  temah matak sangsara diri, mana kudu ihtiar, samemeh dipaju, tegesna di timbang timbang, ku pamilih ulah sok nyebut geus takdir memeh beak ihtiar. Upamana mungguh awak Nyai, carogean lain ka sasama, tangtu jadi omong bae, diomongkeun ku batur, jadi taya beunangna geulis, pantes mungguh enung mah meunang putra ratu, nu masih keneh jajaka. Coba pikir papatah engkang ku Nyai lebah mana salahna?. Sukur lamun ka Banjaransari, Eneng lanjang engkang masih bujang, lamun pareng jadi jodo, asa moal teu lulus, laluasa salami lami. Sarta hade repokna, padaringan pinuh, ku engkang geus diteang, repokna urang dina parimbon pal Nabi, watekna sugih dunya. Bakal rea putra rea putri , rea pare keur baris maraban, rea uang reu uwong, jeung teu suwung lumbung, lamun saban taun sasabin. Coba enung pikiran, henteu pantes embung, ka nu boga kebon kembang.”

Pok ngawalon Rengganis, kelepna manis, “Tacan niat rimbitan, saur anjeun jadi cara arit, henteu lempeng nyengkrong ka sorangan, ngeupeul ngahuapan maneh.”

Raden Suwangsa nyaur, “Bener pisan omongan nyai, anu matak makaya, hayang seubeuh nyatu, reujeung deui seja engkang, sugan pareng seja ngahuapan Nyai anut ka engkang.”

Nyi Rengganis wastuning surti, geus rumasa katempas bicara, isin alangah elengeh, tungkul barina imut, sarta muji di jero ati, ieu jalma berakal, rada bisa padu, kinca asin ditahangan, petis cina wantu manah menak lantip, bisa malikkeun kecap.

Narpatmaja pok ngalahir deui, “Anu sanget diteda ku engkang, ngan dapon disandig bae.”
Nyi Rengganis ngawangsul, “Lamun estu hoyong disanding, ku sim kuring sumangga, tapi ulah ganggu, sareng anjeun sumpah.”

Henteu lami Raden Suwangsa ngalahir, “Mun engkang ngagangguan, mugi engkang cabok ucing gering, ka nu bala disetakan kadal, diseureudan ku cocopet, disamberan kukupu!”

Nyaur deui Retna Rengganis, “Sumangga ulah cidra, sing sami saestu, poma ulah ngaheureuyan!” Geus nyampeurkeun Kusumah Rara Rengganis geus ngarendeng calikna.

Narpatmaja misil lauk cai, kasaatan tuluy kacaian, si lauk teh tangtu atoh, Narpatmaja nya kitu, sakalangkung manahna tiis, jeung henteu petot ningal ka Sang Ratna Ayu. Rengganis geus rerendengan jeung Suwangsa lir gambar anyar ditulis, semuna wuwuh endah. Narpatmaja sangsaya dumeling, rerendengan jeung Retna Juwita,  tegesna teh wuwuh kasep, lelembutan geus kumpul, pangacian geus tetep deui, raga gede tanaga, ku sabab digugu, dituturkeun kahoyongna kur Rengganis digendeng disanding sanding, sirna galih nu panas.

Narpatmaja jero manah sabil, ari ningal ka Retna Juwita, mehmehan bae kasupen, sok ras inggis kaduhung, lajeng Raden Suwangsa muji, rea maos istigpar, tapi keukeuh giung, geus teu puguh rarasaan, nanging isin ku nu ngawujudkeun diri, tatapina bisbisan.

Narpatmaja ngawujukan manis, “Eh Sang Retna cik engkang ningalan, eta cingcin nu dianggo!”
Lajeng Ali dicabut, dialungkeun ka Raden Mantri, lajeng ditingalian permatana jamrut.
Ngalahir Raden Suwangsa, “Coba Nyai ku engkang terapkeun dieu kana ramo maneh!”

Geus peryatna Nyi Retna Rengganis. Barang gek endek dicandak ramona, tina enggon emok ngeser, imut barina nyaur. Lajeng ngapung deui Rengganis. Raden kantun nyalira, rubuh henteu emut, ebog ngagoler di latar. Anu ngapung rundag randeg, alak ilik, melang ka nu ditilar.

Malik deui Nyi Retna Rengganis rada handap geus beuki ngungkulan Dewi rengganis ka Raden. Tuluy diceluk celuk nu ngagoler nu keur teu eling di hantem digentraan. Weleh teu ngawangsul Rahaden Iman Suwangsa, sapertinu hilang teu pisan eling tina sanget kantaka.

Langkung welas Nyi Retna Rengganis ningal raka geus kitu petana, micara di jero hate. Sugan mah enya pupus, dicalukan henteu ngalahir, ieu teh pupus enya, atawa si palsu. Rengganis geus ngambah lemah, Narpatmaja geuwat diboro sakali ku Nyi Argapura. Digugahkeun hentu daek lilir, narpatmaja jongjong kapidara. Rengganis manahna kaget. Kusumah Rara matur, “Gera gugah juragan kuring, kuring teh ieu dongkap, henteu tulus wangsul, juragan gera pariksa, jisim kuring naha teu cara sasari henteu enggal mariksa. Naha enya engkat teh geus mulih kana ajal? Mun upama enya engkang pupus kuring maot, seja tumut sakubur jisim kuring teu werat kari, taya nu dibelaan najan panjang umur, lamun engkang pupus enya, tapi ieu salirana mah walagri cara jalma nu waras.

Tuluy matur Nyi Dewi Rengganis,"Jisim kuring sumeja pamitan, ayeuna dek wangsul wae, jeung sungkan tunggu-tunggu, ngantos waras nu gering, kudu satengah bulan, anggur bade wangsul, kesel ngantos-ngantos damang, lawas teuing meureun pirang-pirang wengi."

Lahiran Raden Narpatmaja, "Banyol bae montong kerah kerih, ayeuna ge engkang teh geus damang, ngan ulah ditinggal bae," Raden Banjarsantun enggeus linggih sareng Rengganis, matur pokna teh, "Jamak banyol da jeung dulur, jeung sim kuring resep nganjang,  ka gamparan, ngan keuheul  sok ocon teuing, dek ngalubarkeun tata. Sae oge papahare linggih, pertandana ajengan ogoan hoyong deudeukeutan bae, panangan tara nganggur, mindeng pisan muntangan kuring, naon anu diarah, jeung udeng dikandung, gumati dek newak tangan, jadi naha mun kuring teu geuwat nyingkir, tangtu katitiwasan.

Nyi Rengganis estuing berbudi, hade basa sing sarua bisa, bisa ngalap-ngalap hate, tuhu matak kayungyun, wantu wantu paranakan jin, dina mangsa harita, samemehna wangsul ninggalkeun heula kawaas, tetembangan basa Jawa Sunda sindir kinanti  opat pada

KINANTI
Sim kuring amit dek ngidung
diajar lagu kinanti
minangka jadi landongna,
ka nu kapidara tadi
nyuhunkeun widi gamparan,
manawi temah baribin

Rao kagunturan madu
kaurugan menyan putih
dibanding ku putra raja
henteu werat males asih
reremkan panjang putra
kasepna kantun dumeling

Nu teu maparinkeun mundur
nu kagungan taman sari
sarta someah ka semah
hanjakalna saperkawis
awad awad kapidara
pambrih dipeuseul ku kuring

Kumaha rasa mun tulus
mun pareng jeug titis tulis
ngawulaan putra raja
sarta jadi eusi bumi
daun pulus di lulunan
kaso handapeun kaliki

DANGDANGGULA
Narpatmaja ngarungu kinanti, langkun regep pisan tina wawangslan, kana kalbu lebet kabeh, datang ka ngarumpuyuk, jeung miwarang Enung pek deui, Kinanti opat pada, engkang gantung rungu, bari engkang dek diajar, lagu tembang kinanti nu cara tadi, Enung nu mapatahan

Nyi Rengganis henteu tembang deui, lajeng bae harita pamitan, ngan nyuhunkeun widi bae, sim kuring seja wangsul, lima poe jangsi sim kuring, tinangtu deui datang, Narpatmaja nyaur, semuna alum kacida, sare bae sapeuting di deiu Nyai, Rengganis inditna maksa

Enggeus ngapung Nyi Retna Rengganis, ngawang ngawang henteu katingalan, geus mulang ka gunung gede, kacaturkeun nu dikantun, Narpatmaja kalangkung brangti, ti beurang tara tuang, ngahiul ngajentul, mun sore taya sarena, nu kacipta kajaba ti salianing, Kusumah Argapura

Geus makuwon di jero tamansari, Narpatmaja dina kebon kembang, kumambang bae cipanon, parekan para babu sami ngadep ka Raden Mantri, geus kumpul di payunan, sami heran kalbu, ningal panata juragan, jadi beda tinda adatna sasari, kawas jalma kasambang

Susur sasar sarta kumbang keumbing, kembang kembang ditingalan, Rengganus anu katembong, sida gek umbang ambung, sareng sering sok ngahariring, panyana para embang Raden owah kalbu, ku bawaning kaleleban, para emban henteu ningal ka Rengganis, anging Iman Suwangsa

Kacaturkeun Raden engeus lami, malah enggeus jangkep dua bulan, nyobatna jeung Rengganis teh, henteu kersaeun wangsul, narpatmaja di tamansari, lir kenging ku wisaya, kalebon parabun, engeus tara ngadeuheusan, ka kangrama jangkep dua bulan lali, mungkur henteu paseban.

bersambung Legenda Dewi Rengganis 7 : Bagenda Amir Hamzah





Thursday, 4 June 2015

Dewi Rengganis (Nyimas Argapura) bag 4

Lajeung Nyimas Argapura, lambeyna imut saeutik, Raden Arya Narpatmaja diimutan ku  Rengganis manahna langkung manis, raos kagunturan madu teu aya papadana, yen diimutan nu geulis, Narpatmaja micara di jero manah, “Rasa kami saayeuna, lamun ditingkalkeun balik, ku ieu Nyi Argapura geus tangtu kami teh gering, jeung moal cageur deui, kadangkala pondok umur geus karasa ayeuna dibere imut saeutik, pikir kami  lumenyap kek kapaehan.”

Unjukan Kusumah Rara sarta bari melas melis, “Sim kuring kenging awisan asup ka Banjaransari panuhun jisim kuring ngan hampura anu agung, sareng sim kuring moal purun nyaba nyaba deui kana taman manawi teu jadi tuman. Amung timbangan gamparan, anu diajeng ku sim kuring da jamak bubuhan menak, ngahampura sareng adil ka sadayana abdi, anu kasiput ku luput, manawi di ahirna, menggah diri jisim kuring, werat males kasaean ka gamparan. Amung sim kuring cacadna rea margina katampik lamun ngabdi ka gamparan. Wantu kuring urang sisi sarta lain sasami, ngangken sobat ka nu agung. Ngan manawi gamparan aya kalunturan galih kersa ngangken sobat dalit ka pun bapa”.

Ku Suwangsa geus kamanah kabeh pihatur Rengganis. Suwangsa geus samar rasa sarta teu pegat ningali. Narpatmaja ngalahir, “Sukur sewu lamun enung aya niat ngawula ka nu nista papa miskin. Lamun enya kumaha bae nya rasa. Palangsiang sambewara omongan Nyai ka kami. Lawbang panyandet kuda, manawi eneng ngapusi.”

Matur Retna Rengganis, nyembah sarta bari imut ngawalon ku basa jawa jengkel dituding ngapusi, “Lahir batin Pangeran atur kaula.”

Ngalahir Raden Suwangsa, “Eh Nyai Retna Rengganis, ayeuna urang barempang pasini masing ngajadi manjing sudara wedi, tegesna asup kadulur, saha anu pantes raka, jeung saha nu pantes rai.”

Enggal matur sosocaning Argapura, “Manawi sapuk jeung kersa, dupi panuhun sim kuring gamparan nu kapiraka. Sim kuring nu kapirai.”

Kalangkung rena galih Raden Suwangsa ngarungu pihatur rai anyar, “Daun cau nu geus garing, kaleresan Nyai kalangkung peryoga. Eneng teh tos carogean?”

Ngawalon Ratna Rengganis, “Sim kuring masih parawan, teu acan gaduh salaki.”

Narpatmaja ngalahir, “Da engkang oge nya kitu, bujang tacan garwaan, lalaki taya kabeuki.”

Lajeung mesem Rengganis leleb kacida. Sarta ngucap jero manah Kusumah Rara Rengganis, “komo teuin ieu jalma, bohongna mun jadi istri.”

Narpatmaja ngalahir,  Rengganis diwujuk wujuk , “Mirah dunungan engkang, cik meuting bae sapetuing!”

Pok ngawalon Rengganis bari ngeletan, “Lah, engkang kuring kumaha?lain ku teu hayang meuting ngan kuring tacan haturan ka rama di Argapuri, manawi jajaga deui sakersa Engkang diturut, sim kuring ayeuna mah ngan seja nyuhunkeun widi jeung pangdunga mugi salamet di jalan. Dek mundur ka Argapura. Manawi widi sim kuring diantos antos ku rama.”

Raden Suwangsa pok deui, “Meuting bae sapeuting, wandoning rama di gunung, montong jadi karempan da moal enya tingali.” Bari maju Suwangsa dek newak tangan. Dewi Rengganis peryatna, caringcing teu ngeunah cicing, barang dek ditewak ngejat, sarta ngomong, “Sanggeuk teuing!” Barang dek ditewak deui, Nyi Rengganis ngapung. Raden Iman suwangsa lajeng rubuh henteu eling, Narpatmaja kalengerna lila pisan. 

Aya watara tilu jam, kakara usik ngalilir, ngahuleng barina tanggah geregetan ku Rengganis, angin Dewi Rengganis anu jadi buah kalbu. Raden teu kendat kendat ka awang awang ningali lajeng bae lumebet ka papanggungan. Katingal bae gandangna paningkah Retna Rengganis kelinga bae imutna, manis sarta kempot pipi. Suwangsa dina katil kana bantal ebog nyuuh jeung nyusutan cisoca, kemutan ka semah mulih. Narpatmaja manahan kanti kedanan.



Saturday, 30 May 2015

Dewi Rengganis Nyimas Argapura Bagian 3

Rahaden Iman Suwangsa mingkin temen bae ngintip socana kumedep tasma, teu pisan ngiceup saeutik, jeung pareng teu beresin, ambekan oge dipegung, napas henteu dilepas, nyaur salebeting galih, boa ieu nu sok malingan kembang. Ayeuna mah kanyahoan tangtuna matak balai lamun lumpat dek diudag dicerek sanajan ceurik, tayoh geus jadi carik, curuk metik tunjung tutur, rupana geulis pisan, saumur kakara manggih, geus kagendam Suwangsa ku kageulisan.

Nyaur deui dina manah, palangsiang jin iperi, henteu aya kalangkangan, henteu kajudi ku ati lamun jalma istuning tmana jalma asup, henteu puguh datangna, lawang masih keneh ngunci, jeung dijaga dilawang ku gulang gulang. Ku Suwangsa geus kamanah, ieu teh lantaran kami paeh ku awewe eta, mun henteu kalakon panggih, sapoe tujuh kali, tangtu diri kami pupus sanajan wurung hilang, moal burung diri kami kaedanan moal beunang diubaran. 

saenggeus reres siramna, Kusumah Rara Rengganis hanjat sarta salin sinjang limar peremas raspati, raksukan sutra kuning wuwuh lucuk matak wuyung, jeung pantes paningkahna santeb leleb andalemi, jeung panganggo murub mubyar diperemas. Panganggo Kusumah Rara kabeh yasana pribadi, kekemben sinjang peremas, wantuning istri binangkit, Retna Dewi Rengganis salira miyuni santun, panangan nganggo geulang, emas kolot anting anting, cucuk konde inten mirah berlian. 

wangina tanpa gagandan, wantuning bawa ngajadi, lain minyak lain kembang, wangi bijil ti jasmani, nu matak Nyi Renggans disebut miyuni santun, santen kabina bina raspaati mumulet ati salawasna Rengganis matak kabita. Rengganis lamun lumampah, taya nu bosen ningali satingkah tingkah lampahna, saparipolahna wingit, lengkah Ratna Rengganis gandrung gandrung matak nguyung, sinjangna nyapu lemah wuwuh matak tambah geulis, salampahna Rengganis ngan matak bingbang.

Kersana dek metik kembang Kusumah Rara Rengganis kembang nu dilarang tea, sakur sekar nu sareungit nu larangan istuning, enya eta tunjung tutur jeung kembang sumarsana, enggeus top Retna Rengganis metik kembang sarta lajeng diambungan. Rahaden Iman Suwangsa nyaur dina sajeroning galih, sidik yen ieu jalmana, nu maling puspitasari. Retna Dewi Rengganis eukeur metik tunjung tutur, Raden Iman Suwangsa alon lungsur tina katil, ngedeukeutan ka Rengganis di pungkurna. Rengganis keur bongoh pisan cara lampahna sasari suka suka milih kembang nganteur sakarep ati, 

Digeretak Rengganis, digebah ditunjuk tunjuk ku Raden Narpatmaja, tapi bari mesem manis, "nyeta ie anu sok malingan kembang".
Rengganis kaget kacida, reuwas sarta semu isin, barang geus patingal tingal, lir kilat barung lan tatit, hartosna geus sapikir, duanana ngandung semu, anging Rara Kusumah, wantu wantu watek istri paribasa kerak pacampur jeung hayam, nyaur dina manahna Kusumah Retna Rengganis "Tangtu ieu nu kagungan, saeusining tamansari, kasepna pilih tanding, estu pameget pinunjul , mider ing rat buana, neangan teu sanggup manggih" bari emok Rengganis handapeun kembang. Nya bener piwuruk ama, sakecap teu pisan sisip, ayeuna enggeus karasa, pinanggih ku diri kami, jeung kajudi ku ati, nu kagungan sanget bendu, moal meunang sumingkah, tanwande manggih balai, lara wirang ayeuna tangtu kasorang. 

Cara ngagebah ka budak, si jenet ku matak sedih dumeh dumeh putra raja, matak reuwas teuing pikir, ngagebah bari seuri, eukeur metik kembang tunjung tutur, kembang datang ka  murag. sibeler kandar ka sisi, abong kena ku kasep diugung pisan. Nagilir Iman Suwangsa, seja megatan Rengganis, Kusumah Ing Argapura, resep pabaur jeung isin, Raden mandeng ningali, Retna Rengganis tumungkul  ngawatek kinasihan jeung sagala isim isim.

 Lajeng Raden Iman Suwangsa mariksa. "Eneng nu timana? asa kakara papanggih, saha jenengan Nyai?reujeung timana nya lembur? nyai teh putra saha?".
Ngawalon Retna Rengganis, mutuh lucu paningkah nu ngawalonan. Capetang jeung rada centang, goyang dua antingna pokna," Sumuhun pariksa, sayaktosna jisim kuring istuning urang sisi, imah lembur luhur gunung, patapan Argapura, Rengganis ngaran sim kuring, bapa kuring katelah Raja Pandita."
Nyaur Raden Narpatmaja," Eh nyai Ratna Rengganis, maneh kumaha sababna wani ngambah taman sari? jeung leuwih kumawani ngala kembang tunjung tutur, saha anu marentah?"
Ngawalon Retna Rengganis," Henteu aya ka sim kuring nu marentah. Kuring ngambah patamanan seja sim kuring pribadi, metikan kembang kagungan, pon seja kuring pribadi, ayeuna jisimm kuring nyanggakeun badan sakujur."
Nyaur Iman Suwangsa,"Maneh keuna hukum pati, tina sabab maneh teh nyorang larangan."

Lajeng Nyimas Argapura lambeyna imut saeutik. Raden Arya Narpatmaja diimutan ku Rengganis, manahna langkung manis, raos kagunturan madu teu aya papadanana, yen diimutan nu geulis, Narpatmaja micara di jero hate,"Rasa kami saayeuna, lamun ditinggalkeun balik, ku ieu Nyi Argapura, gues tangtu kami teh gering, jeung moal cageur deui, kadangkala pondok umur, geus karasa ayeuna, dibere imut saeutik, pikir kami lumenyap dek kapaehan."

Lajengkeun ka Dewi Rengganis bag 4

Thursday, 28 May 2015

Ratna Rengganis Si Cantik nan Sakti bag. 2

Ganti nu dicatur deui, enya eta Raja Putra nu ki Karang Kadipaten, Rahaden Iman Suwangsa, linggihna di mandapa parekan kumpul ngariung, kabeh sami ngadeuheusan. Raden Suwangsa sayakti tacan salulut jeung garwa salamina papanganten, pasaur oge teu acan, sadaya emban emban milu suahna kalangkung kusabab juragan pista.

Kabeh sedih kingkin kacida ngantosanana, kana saena panganten jengkel tacan kalagian, upama nu ngantosan lir bulan ragrag ti luhur, kitu upama keselna. Warna warna para nyai anu ngomongkeun juragan kusabab teu acan sae, warna warna ngarupatna, sawareh basa jawa, kapan baya Gusti ningsun, jijimanah ingkang garwa. Sajeroning tujuh peuting, Rahaden Iman Suwangsa, anggung gawe bendu bae, manahna rea kacua, tina lantarang kembang unggal poe tangtu mundut, kembang keur anggoeunana.

Ka sakabeh para nyai, emban baku tukang kembang, nu purah metik ti kebon, ari di mangsa harita pareng katitiwasan kapalingan tunjung tutur, suker pikiran juru sekar. Teu harti jalan nu maling, bisa asup ka jero taman, kapan lawang ngunci keneh, saha bae manusana, wani ngambah larangan tayoh enggeus bosen hirup, mun kapanggih dipaehan. Kabeh enggeus baradami, para nyai jurusekar, geus datang ka Kadipaten, henteu ngantos dipariksa, lajeng bae unjukan, kapalingan tunjung tutur, sami ruksak pepetetan.

Sanggeusing ngadangu warti, Rahaden Iman Suwangsa, ngarengkol bawaning jengkel, sedih kapalingan kembang raos dicaluntangan, tapi teu katawis bendu, disimpen di jero manah. Geus kitu jengkar ti bumi, angkat ka Banjaransekar, saabdina turut kabeh upacara nu ti heula, emban dangdan maridang, panggona hurung mancur, disawur ku paningkahna. Kacaturkeun enggeus sumping, Raden Arya Narpatmaja lumebet ka jero kebon, anging henteu nyandak rencang, kabeh kantun di lawang, ditimbalan tunggu tunggu, tuguran ku sarerea.

Raden Suwangsa lastari, ngaronda ka patamanan ditingal yen ruksak kabeh, peta peta pepetetan, lajeng angkat ka wetan, ningal kembang naga santun, nguriling di patamanan. Papageran tamansari, beres aturan sayuran, pepelakan pepek kabeh teu disebut sakabehna, warnaning patamanan, jambe cengkir candana rum, kapol pala palawija. Kaciri urut nu maling, barusik ruksak kacida, sarta geus dijajah kabeh, anu resik jadi ruksak, urut dikurusukan, tapi teu burung kayungyun ningal peta pepetetan. Sakur sekar nu laleutik sami ngangsar kana lemah jeung dina jambangan kabeh, ergulo jeung sumarsana, ngajajar kembang pacar, pacar cina keling kuku, sakabeh dina jambangan. Gedah wungu, gedah putih, gedah beureum jeung kasumba, sawareh ku gedah hejo, beunang ngadamel ngahaja, wantuning putra raja, Raden Repatmaja maju, angkat ka tempat jambngan.
----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
Kacatur  Rengganis siram, geus disalin ku cawening, sutra ipis patelesan, sarta ngirab ngirab weni, mawur gambir malati kembang layu dina gelung, rambutna patah lontar, panjang nepi kana bitis, lulus lui teu aya huis salambar. Kacatur Rengganis siram Kusumah Rara Rengganis, mesek ngosokan salira, sarta nganggo sabun wangi, ambrih wuwuh beresih, saban siram tara rusuh, tumaninah kacida, ditingali ku nu ngintip, bitis tembong ngagebray cara parada.


Rengganis henteu uninga, yen Raden Suwangsa ngintip, tumaninah bae siram, ngaruru saluar diri, siga emas disangling, salira anu ngaruru, siram di jero taman, babasah sutra cawening, yen ditingal siga henteu nganggo sinjang. Rahaden Iman Suwangsa mingkin temen bae ngintip socana kumedep tasma, teu pisan ngiceup saeutik, jeung pareng teu beresin, ambekan oge dipegung, napas henteu dilepas, nyaur salebeting galih, boa ieu anu sok malingan kembang. 

Lajengkeun ka  Rengganis bag 3, pendak sareng Raden Suwangsa


 

Cerita dan Legenda Rakyat Dunia © 2008. Design By: SkinCorner

Wilujeng Sumping

Selamat datang di blog saya, warnanya ceria seceria kisah yang akan disajikan :D "Dalam setiap kisah selalu terselip pelajaran hidup yang berharga"
Flag Counter